TP | BANDUNG TV | ASTRI CAHYANI | Poe Saptu beurang, ngamalirna walungan Citarum, anu pernahna di kecamatan Bojongsoang, kabupaten Bandung, digegekan ku warga anu lalajo lomba dayung parahu naga. Eta lomba dayung parahu teh dikokolakeun ku tim satgas Citarum Harum anu rukun gawe jeung pihak KONI Jawa Barat.