TP | BANDUNG TV | DERI FIRMAN | Nya kawas kitu prakprakan ujian nasional basis komputer atawa UNBK anu dipaju di SMK negeri dua Baleendah, kabupaten Bandung. SMK Negeri 2 Baleendah mangrupa salah sahiji lelewek anu remen katarajang musibah caah. Minangka tarekah pikeun nyinglar teu hadirna siswa nalika UNBK, pihak SMK negeri 2 Baleendah nyayagakeun fasilitasi pikeun siswa anu imahna katarajang caah.