TP | BANDUNG TV | ASTRI CAHYANI | Sajumlahing nasabah ngadareugdeug ka kantor cabang pembantu bank rakyat Indonesia Lembang, kabupaten Bandung Barat, ti saprak poe Senen tepi ka salasa beurang. Eta nasabah, ngarasa was-was lantaran kartu ATM-na dumadak teu bisa dipake. Samemehna, aya bewara ngaliwatan sms ti pihak bank, pikeun sagancangna ngadeugdeug ka kantor cabang pangdeukeutna.