TP | BANDUNG TV | ASTRI CAHYANI | Bari diaping ku ketua tim suksesna, calon wakil bupati nomer undi dua Sonia Sugian ngadeugdeug ka kantor panwas Sumedang di jalan Raden Suyut, Sumedang Selatan, balukar erongan pencemaran nama baik turta jadi panyalimpangan dina kampanye. Laporan anu ditepikeun ku cawabup Sonia Sugian, di antarana didomplengna ngaran Sonia ku jalma anu teu dipiwanoh duaan, yen Sonia ngayakeun program nyieun sim gratis, turta bisa ngasupkeun saha wae pikeun digawe di pausahaan Pindad.