TP | BANDUNG TV | ELBY NOPITRI | Nincak mangsa pesta demokrasi, pemilihan kepala daerah kalawan walatra 2018, Panitia Pengawas Pemilu, mahing sakumna pasangan calon ngalakonan kampanye di tempat ibadah, kawas Masjid, Gereja jeung sajabana. Luyu kana pasal 187 ayat 3 undang-undang 10 taun 2016, anu ngatur prakprakan kampanye, pasangan calon bakal ditibanan sanksi kurungan penjara jero 6 bulan atawa denda maksimal sajuta. Ketua panwaslu KBB, Cecep Rahmat Nugraha, nembrakeun pihakna ngageuing turta mahing ka sakumna pasangan calon pilkada KBB 2018, sangkan teu ngalakonan kampanye di jero masjid atawa tempat ibadah sejenna.