TP | BANDUNG TV | ELBY NOPITRI | Tim medis pukesmas Batujajar diwerwegan sajumlahing mahasiswa ti sekolah tinggi kesehatan di kota Cimahi, ngadareugdeug ka sakola pikeun ngalakonan Outbreak Response Immunization, atawa ORI. Eta imunisasi suntik difteri mangrupa program ti Kementrian Kesehatan, anu dilakonan di sajumlahing wewengkon anu kaasup kana kajadian luar biasa penyakit difteri. 1.300 siswa aub dina imunisasi difteri anu dipuseurkeun di salah sahiji SMK di Batujajar, Bandung Barat.