TP | BANDUNG TV | ELBY NOPITRI | Lamping anu jangkungna 15 meter di lelewek jalan raya Banjaran Pangalengan, urug, poe Senen pasosore. Ruruntuk urug nyaeur sakumna jalan. Orokaya, patalimarga anu ngajugjug ti Banjaran ka pangalengan jadi kateug, kitu deui sabalikna. Lian ti ngabalukarkeun jalan kateug, eta urug teh ngabalukarkeun kios dagang dua milik warga ruksak.