TP | BANDUNG TV | ASTRI CAHYANI | Bakal calon gubernur Jawa Barat, anu dirojong ku partey Nasdem, Hanura, PPP, sarta Pkb, Ridwan Kamil, atawa anu dilandih Kang Emil, ngalakonan senam babarengan jeung warga Banjaran, kabupaten Bandung. Ridwan Kamil oge museurkeun panitenan patali jeung pasualan walungan Citarum. Upama kapeto minangka pamingpin Jawa Barat dina pilkada taun ieu, dirina bakal museur kana prakprakan ngungkulan pasualan walungan Citarum, anu remen ngabalukarkeun musibah caah di lelewek daerah aliran sungai atawa das Citarum.