TP | BANDUNG TV | DERI FIRMAN | Nya kawas kitu kagiatan warga kampung Cadas, desa Pusakasari, kecamatan Leles, kabupaten Cianjur. Satutas eta sasak gantung rugrug poe Minggu katompernakeun, siswa tetep ngajugjug ka sakola bari meuntasan walungan cisokan. Ngan hadena, cai walungan anu ngamalir henteu gede. Tapi, upama caina ngagulidag, warga kapaksa neangan jalan sejen anu anggangna teu kurang ti lima kilometer, pikeun ngajugjug ka tempat ngalakonan kagiatanana sapopoe. Warga diperedih sangkan teu muentasan walungan nalika hujan, pikeun nyinglar hal anu teu dipiharep.