TP | BANDUNG TV | DERI FIRMAN | Nya kawas kitu kajadianana, nalika tukang ojeg pangkalan anu jumlahna teu kurang ti saratus urang, ngarempug tukang ojeg online anu direkam ku kamera warga, poe Rebo sore, di jalan Pangeran Hidayatulloh kota Cianjur. Dina eta video amatir, tembong tukang ojeg pangkalan sahabek-habekna ngarempug tukang ojeg online tujuhan, anu keur riung mungpulung di salah sahiji warung. Antukna, tukang ojeg online anu tujuhan nandangan tatu dina sakujur awakna.