TP | BANDUNG TV | ASTRI CAHYANI | Di kampung Areng, kecamatan Lembang, kabupaten Bandung Barat, pamiarsa bakal manggihan salah sahiji mushola planetarium atawa musholatorium, nyaeta mushola anu boga fungsi salaku wahana atikan ngeunaan elmu astronomi. Di eta mushola, lian ti jadi tempat ibadah, pamiarsa oge bisa diajar ngeunaan elmu astronomi. Ngaliwatan proyektor anu nyambung kana komputer, pamiarsa bisa nyaksian kumaha kaayaan luar angkasa mangsa film diputer dina salah sahiji cekungan kubah anu dipake pikeun layarna. Pamiarsa kawas anu bakal diajak kumalayang turta wawanohan jeung mangpirang planet anu aya di luar angkasa.