TP | BANDUNG TV | ASTRI CAHYANI | Padagang pasar tradisional kopo sayati, kabupaten bandung, ngarahuh kana sumebarna daging impor. Reana daging impor boh nu seger boh nu beku dierong jadi salasahiji marga lantaran daging sapi lokal tiiseun nu meuli. Ayeuna, masarakat leuwih rea milih daging impor, utamana daging sapi jeung munding beku anu hargana leuwih murah batan daging jero negeri.