TP | BANDUNG TV | DERI FIRMAN | fenomena samagaha bulan anu katelah supermoon, dibageakeun ku jalma rea di bumi alam ngaliwatan mangpirang ketak. enggoning mapag eta kajadian alam anu karandapan saratus lima puluh taun sakali teh, budayawan nyorang kagiatan ritual mapag kakawasaan pangeran anu maha ngayuga. salasahijina, dina adat budaya sunda mapag samagaha, upacara ritual rajah pangbage dina suhunan salah sahiji hotel di kota bandung, poe rebo kapeutingnakeun.