TP | BANDUNG TV | DERI FIRMAN | Sajumlahing warga nandangan tatu mangsa meuntas dina salah sahiji sasak awi, anu geus bobo, basa marulang seserahan ngawinkeun, di kampung pasir eurih, desa wangun sari, kecamatan sindangkerta, kabupaten bandung barat. poe jumaah pabeubeurang, sajumlahing aparat desa kapaksa ngarugrugkeun sasak anu masih ngembat di luhureun walungan.