TP | BANDUNG TV | ASTRI CAHYANI | Jero dua poe prakprakan pendaftaran pasangan calon bupati turta wakil bupati dipitembeyan, k-p-u sumedang dijaga kalawan rekep ku aparat gabungan anu samagreng ku pakarang. eta hal teh dilakonan keur nangtayungan rasa aman tur tengtrem ka pasangan calon, turta nyinglar hal anu teu dipiharep, nalika prakprakan pendaftaran.