TP | BANDUNG TV | ASTRI CAHYANI | Kepolisian daerah diwewegan ku Dinas Perhubungan Jawa Barat, ngalakonan uji kelayakan beus di terminal Leuwipanjang, kota Bandung. Sacara acak, petugas mariksa kaayaan beus sarta kalangkepan surat kendaraan anu bakal ngiangkeun panumpang ka sajumlahing daerah.