TP | BANDUNG TV | ELBY NOPITRI | Satreskrim Polres Bandung nyerek karaman spesialis ngagasab imah kosong, anu remen ngalakonan lampahna di lelewek Katapang katut Baleendah, kabupaten Bandung. Ti karaman anu tiluan, pulisi ngamankeun barang bukti mangrupa pakakas elektronik, kawas TV, speaker, handphone, turta motor.