TP | BANDUNG TV | ASTRI CAHYANI | Presiden republik Indonesia Jokowi anu diaping ku menteri PUPR, Gubernur Jabar, turta bupati Bandung nitenan proyek kolam retensi di lelewek cieunteung kabupaten Bandung, salaku tarekah pikeun ngungkulan caah di Bandung tebeh kidul. Jokowi nandeskeun eta lelewek anu tilu teh nya eta dayeuhkolot, baleendah katut bojongsoang kabupaten Bandung saban taunna teu weleh caah. Ku kituna, kolam retensi dierong bisa jadi bongbolongan pikeun ngungkulan caah di Bandung tebeh kidul. Sok komo dina taun 2018 rarancangna bakal diwangun torowongan cai. Eta kolam retensi teh ditargetkeun rengse taun 2018 nu bakal datang. Upama kolam retensi turta torowongan cai rengse diwangun, tangtu bakal nyinglar caah di eta lelewek.