TP | BANDUNG TV | GIA NOVIANDRI | Kagiatan adu bagong dilakonan ku masarakat di lelewek pacet, kabupaten bandung, sawatara waktu katompernakeun. Pro jeung kontra mucunghul di papada masarakat.Samalah, sawatara media deungeun micangcam eta kagiatan.Saestuna, adu bagong anu dikokolakeun ku masarakat di kecamatan pacet mangrupa hiburan masarakat.Tapi, ku lantaran aya laporan ti lsm anu mihaat sasatona anu micangcam eta kagiatan, antukna, eta salsahiji hiburan masarakat teh dieureunkeun saheulaan ku pihak kepolisian resort pacet. Salasaurang anggota komisi opat dpr ri, yadi srimulyadi ngeceskeun, adu bagong mangrupa hiburan masarakat. Tapi, masarakat katut panitia anu ngokolakeun eta kagiatan mampuh milihan warga nu lalajo.Pihak panitia kudu mahing barudak lalajo eta pagelaran hiburan masarakat adu bagong. Lian ti kitu, pamarentah daerah ge kudu nyarungsum regulasi patali jeung kagiatan adu bagong.