TP | BANDUNG TV | ELBY NOPITRI | Poe Kemis beurang, mangratus-ratus imah warga di kelurahan Andir katut desa Rancamanyar, kecamatan Baleendah, kabupaten Bandung, kakeueum caah ti mimiti 30 senti tepi ka sameter. Eta caah balukar tina limpasna walungan Citarum katut Cisangkuy teh, karandapan saprak poe Rebo peuting, satutas hujan gede narajang lelewek Pangalengan poe Rebo pasosore tepi ka kapeutingkeun.