TP | BANDUNG TV | ASTRI CAHYANI | Proyek jalur pakidulan Jawa Barat, anu nepungkeun opat kabupaten, di jalur Cilaki kabupaten Cianjur ngajugjug ka tegal buled kabupaten sukabumi, anu raruksak, dierong balukar prakprakan migawena asal-asalan. Eta pondasi saluran cai di jalan anu kakara 2 bulan ngadeg teh, mimiti purutul balukar kurang semen. Lian ti asal migawe, prakprakanana oge dierong teu katalingakeun ku pihak kontraktor.