TP | BANDUNG TV | DERI FIRMAN | Macet parna karandapan di tol purbaleunyi kilometer saratus tilu puluh, ti jakarta ngadeugdeug ka bandungeun, anu pernahna di kampung mancong, kecamatan cimahi selatan, kota cimahi, poe rebo peuting. hujan gede anu narajang jero sajam poe rebo sore, ngabalukarkeun cai walungan di eta lelewek limpas ka jalan. ku kituna, kendaraan ngarantay lantaran petugas ngarobah jalur jadi salintasan.